“Rasa Tresna Nu Sarua”
(Dalam bahasa Indonesia artinya “Rasa
Cinta yang Sama”)
Langit endah peuting ieu,
bulan nu caang jeung
bentang-bentang nambahan nyaangan langit
nu endah pisan. rasana betah pisan cicing dideukeut jandela nempokeun ieu
langit peuting nu kacida endahna, bulan jeung bentang asa jadi panghibur ,
ngabaturan abdi peuting ieu. tapi, ieu manah asa beda ... tiiseun angger
karasa, ti saprak minggu kamari ngarasa
sedih kaleungitan saurang jelema nu biasana sok aya ngahibur. duh gusti,
bantuan abdi... kaluarkeun abdi tina kasedihan ieu... duh bulan, bentang dilangit cik pangbejakeun rasa kasedihan abdi
ka hiji jalmi nu ayena aya na emutan abdi. duh angin tepikeun rasa sono abdi ka
eta jelema, rasa sono anu kacida karasana. 2 taun eta jelema sareng abdi, aya
dina hiji hubungan anu ngiket. cinta nu ngahijikeun urang duaan. rasa nyaah nu
ngabetahkeun urang duaan. wajar
saumpamana abdi ngarasa kaleungitan eta jelama. kunaon atuh gusti, naha urang
duaan dipisahkeun? naon salah abdi gusti? salami ieu abdi ngarasa nyaman sareng
eta jalmi. teu kapikiran ayena bakal kapisah padahal geus 2 taun urang duaan
babarengan. kasusah, kasedih, babarengan urang duaan . memang ieu hubungan
urang teh teu direstuan ku pihak ibu sareng bapa abdi. ibu sareng bapa teu mere restu
ti saprak urang duaan bobogohan ngajalin hiji hubungan ieu.
Ardi, eta lalaki nu bisa
ngajieun abdi nyaah pisan ka lalaki. kakarak abdi ngarasa bisa nyaah jeung
sieun kaleungitan eta jelema. masih keneh kabayang basa keur mimiti kenal. Teu gampil
tiasa mopohokeun saurang jelema nu dipikanyaah pisan. Tapi da kalah kumaha gen
angger kudu tiasa da meuereun ardi the sanes jodo abdi.
Unggal
dinten ratna sok ngajak abdi ameng , boh
ka mall, boh ka kafe, atawa toko buku. Ratna sok mere sumanget ka abdi ameh
tiasa ngahilapkeun ardi, jeung cenah saur ratna abdi kedah enggal kabogoh
gegentos ardi meh tereh enggal hilapna.
caritana, ratna, sahabat abdi ngajak
katoko buku nu aya di caket sakola. uwih sakola abdi sareng ratna ngahaja
datang ka eta toko buku, sabab basa eta aya novel nu karak dirilis di eta toko
buku.
“hayu siska enggalkeun bisi kaburu
seep kebukuna keteh moal kabagean “ ratna ngarurusuh ngajak abdi enggal datang
ka eta toko buku.
sadugina di lebet toko buku ratna
rurusuhan neangan eta buku novel nu dimaksud.
“tah ieu geuningan buku teh, siska.
meser dua ah” saur ratna, bari nyandak eta novel.
“naha sadudua, ratna? ari hiji deui kanggo saha?” saur abdi
kabingungan.
“hiji deuh kanggo siska atuh,
etang-etang buruh tos maturan abdi ka toko buku ieu, hehee”
“aeh nuhun atuh. naa” waler abdi
karatna.
ratna teh salah sahiji sahabat abdi
anu paling bageur. teu dina kabungah hungkul, dina kasusahan ge abdi sareng ratna mah sok silih
mantuan.
caritana, saatos ti toko buku eta,
abdi sareng ratna teu langsung uwih ka bumi, tapi mampir heula di salah sahiji
kafe anu caket sareng alun-alun kota.
“siska bade mesen naon? sok lah ku
abi dijajanan mempeung abdi nuju kenging rezeki hehe.. “ saur ratna.
“duh ratna poe ieu bageur pisan
hehe... nya atuh naon wen samikeun wen sareng ratna abdi mah”
“nya atuh kela nyaa abdi pesen heula..”
waler ratna .
abdi nungguan ratna sabari maca eta
novel. terus ratna datang deui bari mawa dua lalaki babatuan ratna .
“siska, yeuh kenalkeun ieu reza
kabogoh abdi, hehee... ieu angga sobat abdi sareng reza”
abdi kenalan sareng eta dua lalaki.
nu hiji, reza kabogoh ratna, nu hiji deui angga sobatna ratna. ratna sareng
reza ngarobrol duaan. angga calik caket abdi nu nuju maca novel.
“siska, eta novel naon? “ angga
naros.
“ieu novel ti ratna nembe kan atos ti
toko buku meser novel ieu” abdi ngawaler sabari sabenerna mah rada isin da teu
acan pati kenal.
“ohehe... nivel cinta-cintaan mah
galau atuh engke teh haha..” waler angga
“ih sok kitu, teu kabeh novel cinta
teh galau ih... hehe “ waler abdi.
abdi sareng angga mulai deukeut.
awalna tina ngobrolkeun novel tapi lami-kalamian mah jadi deukeut pisan beda
jeung mimiti kenal.
caritana geus sabulan abdi kenal ka angga. sok sasarengan sareng
angga. osok nonton bareng, datang ka kafe nu mimiti pependak teh sok jadi
kabiasaan datang kadinya lamun bade ameng janjian duaan. angga.. kunaon abdi jadi ngarasa
atoh lamun duaan, tiasa ameng jalan-jalan duaan, komo mun diajak nonton sok asa
bungah kacida. Duh ya allah, mugi-mugi sing saterasna abdi bungah jiga ayeuna,
toong misahkeun urang duaan ya allah… caketkeun lamun angga teh memang jodo
abdi.
Hampir unggal
dinten abdi sareng angga pependak, ngobrol duaan. Tiap uwih sakola dianterkeun
ku angga. Ratna oge nyarios angga the lalaki bageur, perhatian, matak pasti
lamun deukeut jeng angga the sok ngarasa nyaman. Abdi beuki ngarasa atoh ratna
nyarios kitu, abdi ngarasa hoyong pisan lamun saenyana angga teh bisa jadi
salah saurang jalma anu dipikanyaah ku abi, nu bisa ngeusian hate abdi, nu bisa
jadi kabogoh abdi.
Isukna angga
ngajak abdi kasalah sahiji tempat acara pameran lukisan. Ditempat eta lukisan
nu dipamerkeun endah kacida. Aya nu pamandangan, aya nu dimensi, aya oge
nyaritakeun tentang kasatiaan.
Teu karaos
atos wengi, angga ngajak abdi ka kafe anu biasa sok kadinya. Teu disangka angga
mesen tempat khusus anu endah, eta tempat the di lantai 3 kafe anu tempatna teh
outdor. jaba suasana wengi, romantic
kesanna teh. Pekteh, angga ngahaja ngajieun tempat ieu jeung anu ngajieun abdi
teu nyangka pisan angga nyarios,
“siska, angga
ngahaja ngajak siska ka tempat ieu, ngadamel suasana ieu kanggo siska. angga
sabenerna ngarasa siska teh salah saurang nu paling bisa ngajien angga nyaman,
terus ayena angga the ngarasa nyaah pisan ka sisika. Siska, pami angga resep,
nyaah ka siska, siska kersa teu janten kabogoh angga?”
Abdi ngarasa
reuwas teu nyangka pami angga saberna ngarasa sarua sareng abdi, nyaeta boga
kanyaah jeung ngarasa hoyong ngamiliki.
“angga siska
sabenerna teu nyangka angga the ngahaja ngajieun suasana anu romantic pisan
jiga ayeina. Siska sateuacaanna hoyong nyebat hatur nuhun kanggo sadayana anu
tos ku angga disiapkeun. Siska bungah pisan. Sabenerna siska oge ngarasa nyaah
ka angga nyaman pami caket sareng ngobrol sareng angga, tapi… “
“tapi naon
siska? Pami siska teu tiasa mah teu nanaon, tiasa cakeut kieu hungkul ge angga
mah atos ngarasa bungah. “
“sanes kitu,
tapi… tapi malahan mah siska oge ngarasakeun rasa nu sami ka angga. Siska oge
nyaah ka angga.. “
“leres eta
the siska? Angga ge bersyukur atuh pami siska ge gaduh ras nu sami kanga.
Janten kumaha siska keresa teu janten kabogoh angga? “
“emh…. Nyaa..
nya.. nyakeresa atuh angga. Siska hoyong janten kabogoh angga..”
“duh gusti
nuhun atos masihkeun bidadari anu nyaah ka angga, nuhun siska percanten ka
angga, terus janten kabogoh angga. “
Duh gusti peuting
ieu rasana bumi the ngan nu urang duaan. Peuting nu endah, langit, bulan jeung
bintang nu nyaangan kaendahan ieu.
Ditambih ku angga nu ayena janten lalaki nu ngeusian hate abdi, sempurna pisan
gusti. Hatur nuhun kanggo sadaya nu tiasa abdi rasakeun kabungah anu kacida.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar