welcome

WELCOME TO MY BLOG

Selasa, 10 Maret 2015

Naskah Drama Bahasa Sunda " PANYAKIT POHOAN "




                  PANYAKIT POHOAN 
         Dihiji Desa aya kulawarga anu budakna teh boga panyakit pohoan, nyaeta kulawarga Dudung, manehna boga istri ngarana Enah jeung 2 anak awewe nyaeta Euis jeung Lilis. Eta kulawarga teh kulawarga anu pohoan. Dina hiji poe si Euis di titah ku emana nganteuran dahareun ka abahna anu keur digawe di sawah.
Ema    : “Neng, geura anteurkeun yeuh dahareun ka si abah.”
Euis    : “Dimana ma?”
Ema    : “Nya disawah atuh neng.”
Euis     : “ Naha geuning Euis  mah teu apal si abah iraha mangkatna ma !!! ooh muhunnya  ma disawah, Euis teh hilap ma.”
Ema    : “Tuda si abah mah mangkatna ge tadi isuk – isuk keneh, nya da maneh mah can hudang                  hudang  acan.”
Euis     : “Oh paingan neng teu apal.”
Ema    : “Cik enggal atuh kaditu karunya tuh sih abahna bisi geus lapareun.”
Euis     : “Muhun atuh ma keheula sabar, eneng bade sibeunget heula.”
Ema    :  “Ih dasar  awewe – awewe jorok tara mandi, nya atuh enggalnya tuh rantangna aya didapur kade Nyandakna anu belah kaler  ulah anu belah kidul  da nu beulah kidul mah kosong,  ema arek ka pasar heula.”
Euis     : “Muhun ema sayang.”

                 Teu lila si Euis mangkat ka sawah, manehna salah mawa rantang, manehna kalah mawa rantang anu kosong. Terus manehna poho arek kamana, abong – abong pohoan. Di tengah jalan manehna ngahuleng bari ngobrol sorangan.
Euis     : “Eleuh – eleuh ari Euis teh ayeuna bade kamananya, naha Euis make mamawa rantang.”

            Si euis bingung rek kamana, kalahka diuk ngaluleng mikiran rek kamana bari mamawa rantang.
*Euis kabingungan*
Teulila datang babaturannana nyaeta si entin jeung abahna balik ti sawah
Entin : “Eh, euis nuju naon geuning disisi jalan bari ngahuleng?”
Euis      : “Eh, enting sareng abah tos timana?. Bingung puguh euis teh ting. “
Entin    : “Naha enting? Entin abi mah euis lain Enting aeh. Ngaran teh sok sangeunahna di gunta ganti kitu!”
Kang amat : “Eh neng tong kitu. Sabar.. sabar.. da bakat eta mah sok pohoan. Bade kamana neng Euis, geuning ngahuleng kitu jiga nu kabingungan ?
Euis      : “Aeh muhun poho Euis teh ting! Eh tin maksudna teh  hehee.. hampura. Puguhan Euis  bingung  bah bade kamana ieu teh nyandak rantang. Ari Abah sareng Entin tos timana? ari Entin sarua ning jeung Euis mamawa rantang “
Entin    : “Aeh kapan ieu rantang eusina rencang sangu kanggo abah Entin disawah. Nembe teh Entin atos tisawah, tos nganteran emam kanggo siabah. Ari euis bade kamana ? “
Kang amat : Muhun nembe teh Entin tos nganteran emam kanggo Abah. Sakantenan Abah mah atos beres gawe disawah, jadi ayena teh bade uwih , cape! Ari neng Euis bade kamana?”
Euis      : “Tah eta! Muhun tah jadi kaingetan Euis. Euis teh sarua rek kasawah siabah rek nganteran emam kasawah. Tuh pan jadi inget ayena mah euis rek kasawah si abah. “
Entin    : “Oh jadi titatadi Euis ngahuleng  mikiran rek kamana nyah? Ari pek teh rek nganteran emam jang si abah kitu? “
Euis      : “Muhun Entin kitu tah Euis mikiran titadi, ngahuleng, poho deui tuda rek kamana jaba mawa rantang jadibingung . Hehe “
Kang amat : “Aeh aeh neng Euis rek kasawah si abah ari pek teh, titadi ngahuleng jiga nu kabingungan the mikiran eta? “
Euis      : “Muhun bah Euis  mikiran eta bingung tuda mamawa rantang terus euis rek kamana”
Entin    : “Enya atuh jug geura kasawah atuh. Kade poho deui jalanna !”
Euis      : “Aeh enya ari jalanna belah mana? Hehee “
Kang amat : “Ya Allah gusti nu agung jalanna ge poho deui nyah? Astagfirullahhaladzim…..”
Entin    : “Tuh pan karak ge bieu diingetan pek teh poho. Pan sawah abana euis mah tukangeun kebon haji Mahmud tuh Beulah ditu”
Kang amat : “Muhun neng Euis pan sawahna abah Euis teh saacan sawah abah Amat. Asa kacida eta kana jalan ge meni poho.
Entin    : “Eh bah pan saur abah tong kitu da bakat eta mah jelamana emang pohoan”
Kang amat : “Aeh heeh kalah jadi saruana  asa katepaan kieu pohoan. “
Euis      : “Oh enya hehee. Inget ayena mah. Hayu atuh entin sareng abah bade kasawah pan? bareng kasawahna jeung euis. “
Entin    : “Naon ngajakan Entin sareng Abah kasawah. Pan Entin mah atos tisawahna ge ari tadi pan nyarios Entin teh parantos tisawah nganteran siabah emam. “
Kang amat : “Muhun ari neng Euis pan tadi  abah oge nyarios atos beres tisawah bade uwih. Duh jadi lieur ning abah ge jadina nya.”
Euis      : “Aeh enya poho deui Euis teh Entin, Abah. Hampura atuh hehe…  Sugan the sarua entin ge sareng abah rek ayena kasawah kitu. Hehe”
Entin    : “Enyalah, jig atuh geura kasawah”
Euis      : “nya atuh Entin,Abah, euis kasawah heula nya . thankyou lah .(bari indit)
Entin    : “Nya jug kaditu. “
Kang amat : “Duh eta budak karunya nya panyakit teh pohoan meuni kacida kitu. Kade Entin maneh bisi katepaan “
Entin    : “Tapi entin ge bingung puguhan bah , naha aya jelema anu pohoanna  jiga kitu. Asa kacida pisan kitu bah. Entin ge sok asa kabawa bingung da. “
Abah    : “Eta mah tuda geus tidituna geus takdir ti allah na, bingung tuda abah ge ari kudu ngajelaskeu kunaon sababna eta jelema make pohoan kitu. Geus lah tong dibahas deui rieut abah ge jadi rieut yeuh. Yu ah balik cape abah. “
Entin    : “Nya hayu Entin ge cape hoyong botik hehee…”
Abah : “Botik ? dahareun naon eta the sok araraneh “
Entin : “Naha dahareun, botik teH bobo cantik lain dahareun. Ari abah, Cape deh… “
Abah : “Lah raraieut bahasa ayena mah yu geuwat balik lah cape.. “
Entin : “hehe.. tuda abah mah teu gaul. hayu atuh bah… “

Entin jeng abahna balik.
Balik deu kana carita si euis. euis neruskeun perjalanana, teu lila manehna nepi ka sawah, terus datang nyampeurkeun abahna.
Euis     : “Abah ieu neng mawa dahar jang abah.”
Abah   : “tah geuningan datang, ari si eneng titadi kamana wae atuh, ku abah ditungguan tatadi, abah meuni geus kalaparan.”
Euis     : “Muhun bah yeuh rencangna aya na rantang. Eh abah puguh eneng the hilap tadi the bade kamana mamawa rantang. Cicing heula di sisi jalan, untung papanggih jeung enting jeng abah amat, jadi kaingetan rek kasawah euis the”
Abah    : “Enting ? saha enting teh. “
Euis      : “Aeh eta si Enting anak kang amat. “
Abah    : “Eh atuh Entin eta mah lain enting. Lah pantesan asa aneh. Naha bet ku si entin jadi kaingetan rek ka sawah kumaha maksudna? “
Euis      : “Pan tadi teh papanggih jeng si Entin terus ditanya ku Euis rek kamana bari mamawa rantang sarua jiga Euis mamawa rantang. Pek  ngawaler na teh tos tisawah cenah tos nganteran emam kanggo abahna. Pan jadi kaingetan Euis the sarua mawa rantang rek nganteuran kanggo abah . tah kitu bah. “
Abah    : “Euleuh euleuh si eneng aya ku kituna. Rek nganteran kanggo abah ge meuni hilap. “
Euis      : “Nya atuh bah hampura da poho euis teh”
Abah    : “Nya geus atuh lah . mana rencangna sok geura buka. Mana atuh si mamat the, mat .. mamatt… kadieu istirahat heula lah lapar yeuh”
Mamat : “Muhun bah (bari nyampeurkeun). Eh aya neng euis geuningan. Pasti mawa rencang sangu nya kanggo akang”
Euis      : “Ih sok ka geeran kitu, da euis mah kadieu the mawa rencang kanggo abah . nya bah?”
Abah    : “Nya heueuh welah sok yu geura buka lapar yeuh abah.”

Pas dibuka eta rantang the kosong kabeh euweuh eusian kabehannana. Abah jeung kang mamat kabingungan
Euis      : “Eleuh abah naha rantangna kosong?”
Abah    : “Naha atuh make nanya ka abah, abah mah teu apal nanaon.”
Mamat : “Aeh-aeh neng euis naha atuh kadieu the nyandak rantang kosong?
Abah    : pasti da ieu mah panyakit pohoanna kumat deui. Aduh … ampun gusti ! “
 (bari nepak tarang )
Mamat : “Ampun gusti ( bari nepak tarang ) pasti da ieu mah panyakit pohoanna kumat deui.. “
Abah    : “Eh keke.. naha maneh pipilueun ngomong kitu ngalelewe nya “ (bari nakol)
Mamat : “Eh eh.. ampun bah lain da teu niat ngalelewe nangan nurutan hungkul hehee…”
Abah    : “Nya ngalelewe eta the . lah maneh saruana borokokok pikasebeleun “
Mamat : “Naha abah jadi ngamuk ka mamat ih sok rarieut”
Abah    : “Cicing sia jempe tong ngomong !”
euis      :  “uh kumaha ieu abah jadi bingung euis. “
Abah    : “Geus we tong jadi daharna tong jadi geus wareg abah nempo rantang kosong ge “
Mamat : “Naha si abah bisa wareg kitu nempo rantang kosong ge bisaan “
Abah    : “Aeh ges repeh maneh tong ngomong siah repeh ! rungsing jadina .”

                 Teu lila emana datang jeung si Lilis sabari mawa rantang.
Lilis      : “Tuh ma si euis jeng si abah.”
Ema     : “Hayu atuh gewat urang sampeurkeun”
Lilis      : “Asalamuaialikum bah, eh aya kang mamat “
Mamat : “Eh neng lilies, tos lami te patepang nya hehe..”
Lilis      : “Ih ari si akang pan ayena ge ieu the nuju patepang naha nyebat tos lami te patepang sok lieur si akang mah”
Mamat : “Oh hehee enya lah muhun we .“( ampun teuing nu tadi pohoan nu ieu oon duh rieut )
Abah    : “Geus geus naha jadi kalah ngalobrol. Ema ayanaon kadie?”
Ema     : “ Yeuh ema mawa rantang rencang. Neng ari maneh eta kumaha kalah mawa rantang kosong, apanan tadi teh cek ema. Neng  tuh Rantangna aya didapur, kade mawana anu belah kaler da anu belah kidul mah rantang Kosong.”
Euis      : “Ih iraha ema ngomong kitu, asana henteu ma.”
Lilis      : “Enya da maneh mah sok pohoan ari dititah the. Matakna dangukeun geura euis sing bener jadi moal pohoan. Emang euis dititah mawa naon kitu ema ?”
Ema      : “ Aeh ieu budah nu hiji saruana deui. Oon pisan ampun. Ah bieung lah boga anak parawan teh eweuh anu balener, anu hiji pohoan anu hiji deui Oonna kabina – bina.”
Lilis       : “Yeuh ma Lilis jadi budak oon teh kudu bangga, ceuk si Entin ge da batur mah eweuh Bogaeun sok..”
Ema      : “Naha atuh alloh nyiptakeun maraneh nurun ti abahna.”
Abah    : “Eh si ema meuni enak eta nyarios. Naha jadi nyalahkeun abah sok sangeunahna kitu”
Lilis       : “Yeuh abah da ari nyarios mah teu di emam nya jadi teu enak ih, lamun emam eta nembe Enak. Muhun pan nya ma? ”
Ema     : “Naon atuh naon, nyarios naon nu geulis the. Sok teu kaharti kitu “
Lilies    : “Ih si ema mah. Ema berarti nu oon the lain euis pan ema nu sok tara ngarti mah. “
Ema     : “Naha jadi nyalahkeun ema . “
Abah    : “ Ampun teuing jadi patuduh tuduh kieu. Ges tong saruana. Mana atuh ma rencangna sok buka lah lapar abah teh titadi .”
Ema     : “Nya atuh yeuh sok geura buka. Urang aremam soksok “
Mamat : “Ampun teuing ieu kulawarga asa ribet boga budak the, nu hiji pohoan nuhiji oon. “
Ahirna kulawarga abah ngarumpul jadi dahar babarengan. Panyakit Euis the Emang kaasup sifat aneh, sagala sifat manusa teh geus takdir ti Allah moal bisa dikukumaha deui tapi urang salaku manusa kudu daek usaha pikeun ngarubah eta sifat anu kaasup sifat goreng.

1 komentar:

  1. Water Hack Burns 2lb of Fat OVERNIGHT

    Over 160k men and women are hacking their diet with a easy and secret "liquid hack" to burn 2 lbs each night while they sleep.

    It's painless and works every time.

    Just follow these easy step:

    1) Grab a drinking glass and fill it up half the way

    2) Now follow this weight loss hack

    and become 2 lbs lighter in the morning!

    BalasHapus