welcome

WELCOME TO MY BLOG

Selasa, 10 Maret 2015

Naskah Drama Bahasa Sunda "GAGAL" dan Unsur Intrinsiknya




GAGAL
Narator : Kang Sabri cakah-cikih. Rek boga hajat gede. Lantaran kang sabri teh ketua Komisi Pemilihan Umum Daerah Kabupaten. Bulan hareup rek pemilukada. Tah eta hajat gede teh. Milih pamingpin rahayat. Rahayat ngungkapkeun pamikiranna tentang harti pamingpin .
Mang Engkon (juru parkir dipasar) : “Pamingpin teh kudu daek mayar parkir.“
Kang Endin (tukang ojeg) : “ Pamingpin teh nu bisa ngomean jalan.”
Jang Ukon (nu kakara lulus SMK) : “Pamingpin teh kudu bisa nyadiakeun pagawean.”
Mang Uhi (juru tani) : “Pamingpin teh kudu bisa nyadiakeun gemuk.”
Ma Cioh (nu sapopoena di imah) : “Pamingpin teh kudu bisa nyadiakeun harga dahareun nu murah.”
Kang Sabri : “ Terang pisa nu karaitu mah, matakna kacida soson-soson jeung taliti kana pagaweanana. Timimiti verifikasi bakal calon. Ti mimiti nu cageur, dibuktikeun ku surat sehat ti dokter. Nu bageur dibuktikeun ku surat kalakuan hade ti pulisi. Nu pinter dibuktikeun ku ijasah boh tipaguron luhur boh ti sakola lanjutan. Palebah bener, wanter jeung jujur, asa euweuh institusi nu mere katerangan iwal ti jinisna sewang-sewangan.”
Narator : “Tina sababaraha pasangan nu daftar, nu lolos teh dua pasang, nyaeta pasangan Drs. Wawan Gunawan jeung Dra Luna Yahya nu disebut pasangan “Waluya”. Nu hiji deui nyaeta pasangan IR. Herman Suganda jeung Drs. Rahmat Santosa disebut pasagan “Hegar”.
Kang Sabri : “Dina rapat ieu simkuring salaku ketua Komisi Pemilu Daerah Kabupaten rek ngodang pasangan “Waluya” jeung “Hegar” supaya hadir pikeun nandatangan surat kasaluyuan. Duanana kudu satuju dina waktuna kampanyeu ulah aya pacogregan. Ulah aya riributan komo mun riributan teh mamawa rahayat nu kalan-kalan ukur pipilueun.”
Narator : “Kantor KPUD geus dihias ku rupa-rupa umbul-umbul, dirarangkenan beureum bodas. Teu lila leugeudeut datang rombongan waluya. Teu lila leugeudeut datang rombongan Hegar. “
Kang Sabri : “Mana pamawa acarana ieu teh? “
Pagawe : “Aya kang nuju siap-siap.”
Kang Sabri : “Aeh, sok kituh rada geuwat kituh. Ari hiasan kabeh geus beres?”
Pagawe : “Muhun kang. Parantos kang sadayana parantos beres.”
Kang Sabri : “Sok atuh dimimitian ayeuna acarana”.
Pagawe : “Muhun kang siap. “
Narator : “Acara dimimitian ku pamawa acara muka acara.”
Pamawa Acara : “Mangga ka para tamu dihaturanan calik, acara bade dimimitian. “
Narator : Acara dibuka ku kecap Basmallah tuluy maca ayat suci Al-Quran. Ditema ku biantara            bubuka ti Kang Sabri.
Pamawa Acara : “Assalamualaikum wr.wb. Sateuacanna ngahaturkeun nuhun ka sadayana nu parantos hadir dina acara kampanyeu pasagan waluya jeung pasangan hegar. Acara dimimitian ku bacaan basmalah sasarengan “Bismilahirahmanirahim” dilajengkeun ku maca ayat suci Al-Quran. Mangga dihaturanan. “
*Maca Al Qur’an*
Pamawa Acara : “Acara salajengna dilajengkeun biantara bubuka ku Kang Sabri. Mangga dihaturanan. “
Kang Sabri : “Assalamualaikum wr.wb. Shalawat sarta salam dihaturanan kahadirat Allah sareng jungjunan Nabi Muhammad SAW dina kasempetan ieu urang sadayana dipasihan kasehatan sarta umur nu panjang, urang sadayana tiasa kempel hadir dina acara ieu. Dina acara ieu hau urang sasarengan nongton tarawangsa, upami rengse teu kedah ikeprokan. Hatur nuhun. Wassalamualaikum wr.wb. “
Pamawa Acara : “Hatur nuhun ka Kang Sabri parantos ngahaturkeun biantarana. Salajengna acara hiburan ku panari tradisonal. Mangga dihaturanan. “
*Panari Tradisional Nari*
Narator : Nu ngigel awewe tengah tuwuh, make kabaya mawa salempay. Ririgna ngawirahma, malikna lalaunan, euweuh rindat euweuh kelet. Manteng kana sora keset tarangsa jeung jentreng.
Ir. Herman : “Maenya kuring eleh kunu pecekrek kitu? (bari melong ka luna yahya tikajauhan). “
Drs. Wawan : “Cadu eleh najan harelung jangkung ge moal ditarajean. “
Narator : Keset rawangsa nyebitan rasa, jentreng nyintreukan ati. Pung kaluhurkoleang kahandap. Diayun-ambing digeubig-geubig. Rengkak nu ngibing semu ngalayang siga keur tumpak mega. Gerak leungeunlalaunan dipasieupku gebay salempay. Lir nyieun gurat ipis kandel teu pegat-pegat meulit diri meungkeut raga jeung sukma, kakalayangan antara aya jeung euweuh, antara kosong jeung eusi.
Pamawa Acara : “Pintonan tarawangsa rengse. Salajengna pintonan kendang penca kalangan, mangga dihaturanan. “
Narator : Jol barudak leutik, ibing rampak. Kewes pantes, kasep jeung geulis. Baju singset, baju penca, sirah make iket. Kendang dina wirahma tepak dua. Peureup buleud, beunget dangah, rancingeus.
Ir. Herman : “Wah itu si Wawan geus katengah lapang, maenya kuring eleh. Jadi mun kitu mah kuring ge kudu miluan katengah lapang. “
Narator : “Nu lalajo beyki euweuh, ayeuh-ayeuhan, ear surak ting gorowok. “
Nu Lalajo : “Smack down, banting, tonjok, beubeutkeun.”
Narator : “Sup ka pakalangan ti panwaslu, jadi wasit nu rek tarung. Terus ngarampaan awak nu rek tarung, bissi mawa pakarang. “
Nu ti Panwaslu : “Aturanana teu meunang ngadengkek komo ngadengklek ku kelek, teu meunang nyekek jeung teu meunang ngomong deuih. “
Nu Lalajo : “Smack down, banting, tonjok, beubeutkeun.”
Narator : Anu rek tarung duanana kunyam-kunyem mepetkeun ajian.
Drs. Wawan : “Sok siah kuring rek make ajian batara karang!”
Ir. Herman : “Sok lah kuring rek make ajian semu gunting!”
Drs. Wawan : “Kuring rek make ajian sentak dulang, siah!”
Ir. Herman : “Sok lah kuring ge rek make ajian belut putih!”
Drs. Wawan : “Yeuh andalan kuring ajian pupul bayu. “
Narator : “Pek duanana maju rek garelut. Nu lalajo ting gorowok. “
Nu Lalajo : “Smack down, banting, tonjok, beubeutkeun.”
Narator : Duanana atar, sirintil, jedak. Teu beda jeung nyirintilna domba dau. Garapakna, bintihan teu beda jeung hayam jago keur diadu. Duanana dangah, duanana tanggah, duanana ngahegak. Kesag ngorolok tina karang, tina dada. Duanana nagen, duanana mugen embung eleh. Nu keur ragot patunggalan dilapangan lega, can lekasan. Nu hiji nyered nu hiji ngagilek, nu hiji nyepak nu hiji ngagiwar, nu hiji meupeuh, nu hiji ngeploskeun.
Ir. Herman : “Beu, aing eleh yeuh!”
Drs. Wawan : “Kasoran yeuh.”
Ir. Herman : “Enyaan bedas si jangkung teh. “
 Drs. Wawan : “Enyaan liat si pecekrek teh “.
Narator : Nu lalajo beuki susurakan, malah aya nu nakolan kaleng, aya nu nakolan kendang, aya nu niup tatarompetan. Teu puguh dengekeunana lir sahengna sora mangrebu-rebu engang. Tepak padungdung eureun ngagentak, ditungtungan ku sora goong.
Kang Sabri : “Milih pamingpin sanesku jalan silih bobok silih tarok, silih tonjok, jogol patunggalan, pacowong-cowong genggerong. Tarawangsa masihan tangara ngahijina antawis lahir sareng batin, ngahijina raga sareng sukma. Masihan tangan yen ucap sareng lampah teu kedah saluyu, ulah pakia-kia. Ari dina silat, leres nu katingali ririgna raga, rancingna tur kesit, ngagambarkeunsehat jasmani sareng rohani., papagona ngabela bebeneran, teu kenging sahaok kadua gaplok. Salajengna bade dipintonkeun sinten. Ieu mah perlambang hirup the ualh dugi ka ngalaman diborogod, dibangkol, dibaguded ditalian komo ku alat basilat, karooh ku duit saeutik. Ampun paralun sanes sim kuring nyanyahoanan, ieu mah etang-etang ngabejaan bulu tuur. “
Narator : Ir. Herman asa kagebah tina lamunanana tuluy ngareret ka Drs. Wawan, sabalikna kitu. Duanana silih unggeuk. Tingkusiwel ngaluarkeun sapu tangan keur ngelap kesag dina tarang. Ngusap beungeut ku kadua dampal leungeun. Pintonan diganti ku sintren.
Narator : Para calon pamingpin kabeh nandatangan disaksian ku waawakil ti aparat kaamanan. Bereyek the nu haying sasalaman aya ratusa jalma. Ngantay sasalaman ka calon pamingpin. Acara sasalaman rengse, ngong kang sabri ngomong.
Kang Sabri : “Acara parantos lekasan, hatur nuhun ka sadayana, mugia ieu acara janten tatapakan urang sadaya. Hapunten anu kasuhun bilih kakirangan itu sinareng ieu, malih dian ieu acara teu aya tuang siang, margia tuangen seep dibagiekeun ka rombongan dhuafa tadi, hayu urang tutup ieu acara ku nyebat hamdalah.”
Wartawan : “Naha dina acara ieu anjeun bet malah nganggap kasenian jeung naha kang dina ieu acara teh teu aya tuang siang? “
Kang Sabri : “Pangna naggap tarawangsa, kendang penca jeung sintern lantaran euweuh larangan dian stta KPUD, kitu deui ngondang kaom dhuafa. “
Narator : Saminggu tiharita datang rombongan waluya. Pasangan waluya ngebrehkeun pamaksudannana nyaeta rek ngundurkeun diri tina pemilukada.
Waluya : “Kuring rek ngundurkeun diri tina pemilukada. “
Kang Sabri : “Naha kunaon ? “
Waluya: “Sabab ngarasa moal bisa mere dahar ka rahayat jeung ngarasa moal bisa jujru ka diri sorangan. Pedah geus sasalaman jeung nu baramaen saitu lobana boa-boa jumlah nu saenyana puluhan rebu. “
Narator :  “Teu lila datang rombongan hegar. Pasangan hegar oge ngebrehkeun pamaksudannana nyaeta rek ngundurkeun diri tina Pemilukada. “
Hegar : “Kuring oge sarua rek ngundurkeun diri tina Pemilukada.”
Kang Sabri : “Naha kunaon deui ?”
Hegar : “Kusabab ngarasa teu terang ka daerah nu rek dipingpinna , ti batan salah lengkah cenah. Pedah eta geus lalajo tarawangsa jeung sinter, majarkeun sieun dibangkol saeunggeus lengser kaprabon. “
Kang Sabri : “Naha jadi kieu? Bingung kuring. Ke kuring rek wudhu heula. “
Narator :  Nyecepna cai kana beungeut, kana leungeun kana suku ditambah ku doa nu ikhlas.
Kang Sabri : “Kuring ge rek ngundurkeun diri, kuring gagal milih pamingpin the. Boa-boa kawalat dina acara nandatangan kasaluyuan kampanyeu aman te teu ditutup ku du’a. “
Narator : Isukna rame warta na televise nu nyaritakeun masalah waluya, hegar, jeung kang sabri nu ngundurkeun diri.
Nu Maca Warta : “Rame-rame mundur, ketua KPUD jeung dua pasangan calon pamingpin tingkat II mundur.”
Jang Ule (loper Koran) : “Dasar bodo. “
Batur Jang Ule : “Bodo kumaha?”
Jang Ule : “Enya bodo we, ayeuna mah neangan duit nu haram ge hese komo nu halal. Ari ieu rek dijenengkeun kalah mundur. “
Batur Jang Ule : “Teuing ah, keur uing mah aya pamingpin jeung euweuh pamingpin the teu karasa bedana, angger we hirup susah. Tapi ketua RT jeung ketua RW mah perlu euy keur nyieun surat miskin. “
Juru Titen Acara Talk Show : “Memang bener, mun ngarasa teu saggup jujur mending mundur ti anggalna. “
Lawan Ngomong Juru Titen : “Rek jujur kumaha gajihna kepala daerah tingkat dua the ngan tujuh juta rupiah sabulan, ari lifestyle tujuh juta sapoe. “
Panumbu Catur : “Curhat nih ye, ke pa komentarna saparantos acara commercial break. “

=TAMAT=
Judul : GAGAL
Tema : Milih pamingpin sanesku jalan silih bobok silih tarok, silih tonjok, jogol patunggalan, pacowong-cowong genggerong. Tarawangsa masihan tangara ngahijina antawis lahir sareng batin, ngahijina raga sareng sukma. Masihan tangan yen ucap sareng lampah teu kedah saluyu, ulah pakia-kia. Ari dina silat, leres nu katingali ririgna raga, rancingna tur kesit, ngagambarkeunsehat jasmani sareng rohani., papagona ngabela bebeneran, teu kenging sahaok kadua gaplok.
Tokoh :
a.       Kang Sabri : Ketua Komisi Pemili Daerah Kabupaten
b.      Kang Engkon : Juru Parkir Di Pasar
c.       Kang Endin : Tukang Ojek
d.      Jang Ukon : Nu Kakara Lulus SMK
e.       Mang Uhi : Juru Tani
f.       Ma Cioh : Nu Sapopoe Diimah
g.      Drs. Wawan Gunawan : Pasangan Waluya
h.      Dra. Luna Yahya : Pasangan Waluya
i.        Ir. Herman Suganda : Pasangan Hegar
j.        Drs. Rahmat Satosa : Pasangan Hegar
k.      Panwaslu : Anu Misahkeun Rek Tarung
l.        Panongton : Anu Lalajo
m.    Wartawan : Nu Nyaan Pikeun Dijadikeun Warta
n.      Jang Ule : Tukang Loper Koran
o.      Babaturan Jang Ule
p.      Juru Titen : Nu Macakeun Warta Di Televisi
q.      Panumbu Catur : Lawan Ngomong Jurutiten
Latar/ setting :
Di daerah kabupaten, bulan hareup, dipasar, dipasawahan, di imah warga, kantor KPUD, waktu kampanye, pakalangan, beuki beurang, lapangan lega, saeunggeus acara pintonan kasenian rengse, saminggu ti harita, isukna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar