welcome

WELCOME TO MY BLOG

Kamis, 21 November 2013

Contoh Cerita Kehidupan Lingkungan Sosial dalam Bahasa Sunda.



Kaayaan lembur kuring.
Kuring dilahirkeun di kota Tasikmalaya, di daerah R.E.Martadinata kec.Cipedes kota Tasikmalaya. Rorompok sim kuring di JL.R.E.Martadinata no.137A RT03/RW013 kec.Cipedes kota Tasikmalaya. Lembur kuring kaasup tempat nu strategis. Kusabab jalan R.E.Martadinata teh katelah jalan umum anu ngahubungkeun kaluar kota saperti  kota Bandung jeung Garut. Komo deui lamun poe lebaran, loba anu marudik ngaliwat ka jalan lembur kuring, sok nyababkeun macet kulantaran loba pisan anu ngaliwat.
Masyarakat anu cicing dilembur kuring teh bisa kasebut keneh dulur. Kusabab hampir kabeh masyarakat/tatangga di lembur kuring teh masih aya katurunan dulur. Nya dulur ti Aki, Uyut, Nini, araya kabeh jadi tatangga. Jadi lamun aya nanaon teh sok teu era lamun menta tulung da masih keneh dulur. Kaayaan pendidikan rupa-rupa. Aya anu lulus sarjana, lulus sakola SMP, lulusan sakola SMA, aya oge anu lulusan SD.
Pagaweannana ge rupa-rupa. Aya anu jadi PNS, nu jadi bidan, nu jadi tukang dagang, aya oge nu jadi tukang beca Kusabab tamatan SD teu boga ijazah keur ngalamar pagawean nu alus.
Kaayaan ekonomi di lembur kuring rupa-rupa. Aya anu kaasup kulawarga mampu, sederhana, nepi ka kulawarga kakurangan oge aya. Kulawarga anu kakurangan mah rata-rata pagaweannana anu menangkeun panghasilan teu netap. Saperti : dagang, jeung tukang beca. Tiap poe the panghasilannana beda-beda, kadang cukup kadang oge kurang pikeun meuli kabutuhan rumah tangga jeung hirup sapopoe.
Kagiatan gotong royong dilembur kuringg sok diayakeun tiap poe minggu, kusabab poe minggu kabeh jelema araya. kusabab poe libur. Kabeh masyarakat dilembur kuring balageur jeung rarajin kana gotong royong. Anu matak ngajadikeun lingkungan lembur kuring teh beresih, jeung jauh tina panyakit. Alhamdulillah, kusabab kabiasaan ngajaga kabersihan lingkungan, dilembur kuring mah tara aya masyarakat anu keuna ku panyakit. Hal-hal anu pikareuseupeun dilembur kuring mah sok ngajaga kabersihan lingkungan, masyarakatna someah jeung osok silih tulung lamun aya kasusahan. Tara ngabeda-bedakeun mana anu beunghar jeung anu masyarakat biasa. Kasebut kabeh masyarakat mah sarua darajatna. Hal-hal anu teu pikaresepeun kadang-kadang aya oge tatangga anus ok miceun runtah dimana wae. Kadang oge sok miceun runtah ka susukan anus ok nyababkeun susukan teh mangpet jeung nyababkeun cai hujan teh teu ngalir. Jadi sok nyababkeun banjir.  

2 komentar:

  1. Hatur nuhun nya sis.. ane ijin comot ya.. buat tugas sekolah.. sukses slalu..

    BalasHapus
  2. Terimakasih atas respon positifnya semoga dapat membantu :)

    BalasHapus